Senin, 22 Maret 2010

NYIEUN DODOL GARUT




BAB I
WACANA BUBUKA

1.1. Latar Belakang Wacana
Dodol Garut mangrupi kadharan khas ti kota Garut provinsi Jawa Barat. Dodol Garut ieu seueur rupi-rupina, diantarana nyaeta dodol wijen, dodol nanas, dodol tomat, dodol durian, dodol coklat, jeung sajabana. Dodol ieu kaasup kana kadaharan camilan alatan rasana nu amis.
Seueur toko-toko atawa warung-warung nu nyayagikeun dodol pikeun jualanna. Di sapanjang jalan kota Garut loba nu dagang ngajajakeun dodol garut, utamina di jalan-jalan di unggal pintu gerbang ka daerah lain di sabudeureun kota Garut.
Seueur jalmi nu minyuka dodol Garut ieu alatan rasana nu khas, nu ngabedakeun jeung dodol-dodol nu ti daerah lain di Indonesia. Kummaha cara nyieun dodol Garut nu kawentar teh ?
1.2. Tujuan Wacana
Ieu panalungtikan ditulis kangge mancenan tugas basa Sunda kelas VIII C di SMPN 1 Jatisari, taun palajaran 2009/2010.

1.3. Identifikasi Masalah
1) Bahan-bahan nyieun dodol
2) Cara nyieun dodol
3) Pamasaran

1.4. Sistematika Wacana
Ieu wacana dibagi janten 3 bagian, nyaeta: BAB I WACANA BUBUKA, BAB II PEMBAHASAN, sareng BAB III WACANA PAMUNGKAS.



BAB II
PEMBAHASAN

2.1. Bahan-Bahan Pikeun Nyieun Dodol Garut
Bahan-bahan nu diperlukeun pikeun nyieun dodol garut :
1) tipung ketan 16-17 kg,
2) tarigu 1 kg,
3) Gula pasir 30 kg,
4) Lemak sapi saperluna wae
5) Mentega saperluna
6) Pewarna makanan (saperluna),
7) Bubuk coklat (mun perlu),
8) Kelapa 25 hulu (dijieun cipati nu kentel jeung nu encer).

2.2.Cara Nyieun Dodol Garut
1. Cipati kentel dimasak di jero wajan gede nepi ka ngagolak saheng.
2. Adonan tipung nu geus dicampur jeung cipati encer diasupkeun kana
wajan.
3. Aduk terus nepi ka 80 persen asak, mun perlu diletak dicobian.
4. Asupkeun gula, bari diaduk terus.
5. Asupkeun lemak sapi, bari diaduk terus.
6. Asupkeun penyedap coklat/pewarna mun diperlukeun, karek diaduk terus
nepi ka asak 100 persen.
7. Angkat ti kompor, asupkeun kana jero loyang-loyang nu geus disiapkeun
saacanna. Ditiiskeun diantep nepi ka sapoe sapeuting.
8. Poe isukanna, dodol siap dipotong-potong tur dibungkus.

2.3. Pamasaran

Numutkeun Dinas Perindag KUKM kab. Garut wilayah pamasaran dodol garut geus dipasarkeun ka hampir sakitar wilayah Indonesia jeung manca nagara nyaeta Pulau Jawa, Kalimantan, Sumatera, Bali , Brunai, Malayasia, Jepang, Arab Saudi, Singapura, Inggris.

BAB III
WACANA PAMUNGKAS

3.1. Kasimpulan
Dodol Garut nyaetan kadaharan khas urang Garut. Dodol Garut geus janten komoditi ekspor nasional nu ngadukung perdagangan jeung industry wilayah Jawab Barat.
Cara nyieun dodol garut kaitung sederhana jeung babari pikeun dipalajari ku urang sarerea. Nu diperlukaeun dina nyieun dodol garut, nyaeta milih kualitas bahan nu bermutu jeung dina proses nyieunna kudu taliti jeung numutkeun prosedur resep nu bener, supaya rasana enak jeung khas, tur kangseuna seungit.

3.2. Saran-saran
Dina nyieun dodol garut kudu merhatoskeun:
1. Kualitas bahan-bahan.
2. Proses nyieun nu bener jeung procedural.
3. Kabersihan jeung kasehatan bahan.
4. Cara mungkus nu rapih tur bias ngajaga dodol sangkan awet.


DAFTAR PUSTAKA


• LKS Basa Sunda
• http://bahar-edukasi.blogspot.com/2009/05/pengen-tau-tentang-dodol-garut.html
• garutkab.go.id)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar